Kamis, 21 Januari 2016

Layang Muslimin Muslimat

LAYANG
MUSLIMIN MUSLIMAT

JILID KA I

Asmarandana

Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot, ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud, dipapay ti memeh aya.

Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon, ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur, urang papay ti asalna.

Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi cekcok. Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus sidik wujud, rupa sarupa-rupana.

Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu beunang dipindah-pindah.

Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur, ku carita sangkan terang .

Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon, geura kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung, ngadegna gumelar sifat.

Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug sareng dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.

Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup, margi ngarang nembe pisan.

Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos, anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu, sang Prabu Jasadiah.

Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi tara jauh, babarengan tara pisah.

Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu bungsu, katelah Raden Muslimat.

Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih dienod, duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto ka piwejang Rama.

1
Layang Muslimin Muslimat

Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog, dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu, sadaya wuruk ramana.

Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae, amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat singkur, ngahusukeun wuruk rama.

Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando, hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu, rehna rai kumalancang.

Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan paham pisan.

Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu teu acan mafhum, pun engkang moal tiasa.

Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris ditektek, diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus kamasyhur, dalil teh kieu unina.

Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh, lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu Maha Agung, supaya sah ibadahna.

Tapi rai sanes deui, hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.

Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta’ala teh, ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.

Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna,

Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha.

Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah teh, kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu nyaho ka pangeran.

Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu, pikeun saksi ngelmu tea.

Malah dawuhan Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh fardu ‘ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup, masing tepi ka ‘aena.

Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat eta teh, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu, nya eta Sagara Hayat.

2
Layang Muslimin Muslimat

NERANGKEUN HADIST

Anu kasebut dina kitab Mantiq
ف   

            ّ رف    و* ّ رف        

Sinom

Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi ‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala.

Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat, ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat.

Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui, kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim, rebu nuhun engkang kersa miwejang.

Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh boga dulur nyaring manah.

Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana, lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang saderek dunya akherat.

Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan engkang, ceuk dalil Awwalu dinni, sareng Ma’rifatullahi, anu tadi dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun urang nu kudu terang ka Allah.

Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya upaya kitu, sasat ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak bet kudu kawasa ninggal.

Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng ngajawab, rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup, hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh nya Rasulullah.

Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu anyar, nu anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti anu weruh, anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea.



3
Layang Muslimin Muslimat

Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu uninga, nya gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener kitu, mana ulah salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai moal salah.

Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang, namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung faqod jahilan nafsah.

Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran, saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.

Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah diteangannana.

Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu hasil mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu, kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu sabener-benerna.

Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu kudu, ku urang masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada ilangna.

Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti ku badan rohani tea.

Sabab hartina Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana, ari hartina teh mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus, bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang nganyahokeun badan nyata.

Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna, ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud, eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip beurit kaluar.

Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna, kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai kitu, ucing teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa ilang.

Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh kudu nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa hanteu ngabogaan jasad.

4
Layang Muslimin Muslimat

Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk babasan sarangka manjing curiga.

Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos kabina-bina, jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup kana kalbu, moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik dalilna jeung karasana.

Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu terang ka Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih bingung ku rai can kalenyepan.

Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna, naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung, dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu terang.

Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh hartina, manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu daya teu upaya.

Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah, katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru, papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri manehna.

Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat, kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya.

Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah, saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad Nabi panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta sareatna nu ma’rifat.

Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung, ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina katerangannana.

Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu terangna, matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga samaliun, da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa tatapi hanteu karasa.

Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku nyatana badan anjeuna.

5
Layang Muslimin Muslimat

Tatapi salang surupna, hanteu diraoskeun deui, rai mah hayang karasa, tumerapna hiji-hiji, ayeuna paneda rai, mugi-mugi engkang luntur, ngabahas hiji-hijina, sareng hartina sing sidik, sing karasa ulah bae ngan basana.

NGAWINCIK SIFAT DUA PULUH

Kalawan make umpama

Pucung

Lajeng wae rakana ngawalon saur, engkang rido pisan, mangga sakersa rai teh, ku pun engkang rek didadar sajelasna.

Nu kahiji nyaeta ngaranna Wujud, kaduana Qidam, katilu ngarana Baqo, nu kaopat nyaeta Mukholafah.

Mukholafatu Lilhawadist disebut, ari nu kalima, Qiyamuhu Binafsihi teh, nu kagenep nyaeta Wahdaniat.

Ari Qudrat bilangan anu katujuh, dalapan Iradat, Elmu kasalapanna teh, kasapuluh nyaeta nu ngaran Hayat.

Kasabelas Samma ngaranna geus tangtu, kadua belasna, Bassar ngarana teu geseh, ari nu katilu belasna Qalam.

Nu kaopat belasna deui dicatur, nyaeta Qodiran, lima belas kacarios, nyaeta anu disebat Mudiran.

Ari anu kagenep belas dicatur, ngaranna Aliman, nu katujuh belasna teh, nyaeta anu dingaranan Hayan.

Anu kadalapan belasna dicatur, ngaranna Sami’an, kasalapan belasna teh, nu kasebat nyaeta Basiran tea.

Ngajejegan kana jejeg dua puluh, nya Mutakalliman, semet eta rai seep, enggeus jejeg eta dua puluh sifat.

Ceuk raina sumuhun engkang sumuhun, geus kapaham, nya sakitu reana teh, jejeg pisan eta dua puluh sifat.

Namung rai saleresna tacan mafhum, teu acan kapaham, dina pihartieunna teh, muga raka ulah kapameng miwejang.

Ceuk rakana eta sifat dua puluh, nya dibagi opat, hiji Nafsiah teu geseh, kaduana nyaeta ngaran Salbiah.

Nu katilu Ma’ani ngaranna tangtu, anu kaopatna Ma’nawiyah ngaranna teh, eta kitu geuning dibagi-bagina.

Ceuk raina naon nyatana anu puguh, sifatna di urang, anu ngaran Nafsiah teh, mugi-mugi diterangkeun sadayana.

Saur raka Nafsiah teh enggeus tangtu, pangambung nyatana, nu kadua Salbiah teh, nyaeta paninggal urang sifatna.

Nomer tilu Ma’ani ngaranna tangtu, pangdangu sifatna, di urangna teu geseh, nu kaopat Ma’nawiyah nu kasebat.

Nyatana teh di badan urang sakujur, pangucap teu salah, sifatna baham urang teh, anu matak disebatkeun Ma’nawiyah.

6
Layang Muslimin Muslimat

Nyaeta tukang ngama’naan puguh, anu tilu sifat, hiji pangdangu teu geseh, nu kadua nyaeta paninggal tea.

Ari anu nomer tiluna pangrungu, ngama’naan eta, meureun rai ge ngaraos, lamun rai parantos ngangseuan minyak.

Saupami rai ditaros ku batur, nanyakeun angseuna, seungit bauna minyak teh, naha naon rai anu nembalannana.

Naha baham atawa pangambung, anu ngajawabna, raina lajeng ngawalon, tangtos bae baham anu nembalannana.

Ceuk rakana geuning sidik eta puguh, tukang ngama’naan, baham teh geus hanteu geseh, nyaeta tukang mere katerangan.

Nya nerangkeun beunang gawe anu tilu, beubeunangan soca, anu aneh atawa awon, nomer dua beubeunangan cepil tea.

Naon wae sowara anu kadangu, nu nerangkeunnana, gulung ku pangucap bae, anu mawi disebatkeun Ma’nawiyah.

Saur rai kahartos kaliwat langkung, pasal bagi opat, kanyataan di badan teh, kantun eta nu dua puluh basa.

Enya eta anu dingaranan Wujud, kumaha hartina, sareng naon sifatna teh, tumerapna dibadan urang sapata.

Saur raka eta anu ngaran Wujud, hartina teh aya, Allah mohal euweuh tangtos, tanda aya kusabab ayana nafas.

Mohalna teh pang aya nafas teh tangtu, mohal bet euweuhna, samangsa aya nafas teh, tangtu bae aya hurip hanteu salah.

Mangsa-mangsa aya hirup enggeus tangtu, mohal euweuh Allah, sabab sifatna hirup teh, tina dzatna sifatna Allah ta’ala.

Saur rai nuhun eta geus kamafhum, kantun nomer dua, Qidam eta basana teh, nya kumaha eta pihartieunnana.

Dijawab raka kieu rai mun tacan mafhum, hartina teh Qidam, Allah ti heula teh, mohal enya Allah kapandeurian.

Sareatna nyata dibadan sakujur, sifatna teh soca, awas soca ti heula teh, sabab eta nu ngabuktikeun sifat.

Jawab rai kumaha numawi kitu, anu pangheulana, ku raka disebat panon, na kumaha dina katerangannana.

Saur raka geura kieu rai dangu, rasakeun baheula, waktu rai goib keneh, memeh gelar ngumbara ka alam dunya.

Kangjeng Rama sinarengan Kangjeng Ibu, Rama masih bujang, Ibu ge parawan keneh, barang tepang geus tangtu patinggal-tinggal.

Saparantos pada awas Ama Ibu, jorojoy manahna, dua-dua ting sereset, jadina teh ngajodo geus moal lepat.

Sanggeus nikah enggeus disahkeun ku kaum, parantos nikah mah, tangtos bae sapatemon, dua rasa jadi hiji moal lepat.

Saparantos rasa Ama Ibu gulung, gerentel beh urang, eta geuning enggeus eces, pang disebut panon pangheulana.

7
Layang Muslimin Muslimat

Pek raoskeun naha bener rai kitu, masing kasaksian, kurasa diraos-raos, mun karasa eta geus tangtu benerna.

Jawab rai sumuhun engkang sumuhun, enya kitu pisan, karaos ku abdi oge, yaktos leres kahartos sareng karasa.

Mangga engkang ulah kapambeng miwuruk, lajengkeun terasna, nya eta kana Baqo, kumaha pihartieunnana.

Ceuk rakana hartosna Baqo teh Agus, langgeng Gusti Allah, hanteu keuna ku ruksak teh, hanteu owah teu gingsir Allah ta’ala.

Saleresna hartina Baqo teh kitu, nyaeta dzat Allah, eta sidik nu langgeng teh, hirup eta kagungan Allah ta’ala.

Ceuk raina kumaha Mukhalafatuhu, Lilhawaditsi tea, eta oge can kahartos, mangga raka ulah kapambeng miwejang.

Saur raka kieu hartina geus masyhur, eta beda-beda Allah sareng nu anyar teh, mohal enya Allah sami jeung nu anyar.

Den Muslimat gancang ka raka ngawangsul, kumaha bedana, Allah sareng nu anyar teh, kang rai mah can terang rarapannana.

Ceuk rakana kieu bilih tacan mafhum, kapan geus kawentar, ku sadaya ahli ngaos, Gusti Allah ninggal teu kalawan soca.

Ngadanguna teu kalawan cepil kitu, sumawon nyaurna, hanteu kalawan jeung lambe, kitu rai ari bedana mah.

Seueur deui bedana lian ti kitu, panjang mun didadar, moal seep ku sapoe, sakitu ge meureun ku rai karasa.

Jawab rai sumuhun engkang kaemut, kumaha lajengna, Qiyamuhu Binafsihi teh, mangartosna mugi ku engkang di dadar.

Nyaur deui rakana bari jeung imut, kieu bab hartina, Qiyamuhu Binafsihi teh, Gusti Allah jumenengna ku anjeuna.

Mohal aya nu ngistrenan kitu, cacakan nu anyar, geuning bet hanteu ngaraos, badan urang didamel ku Ibu Rama.

Najan Ibu Rama oge dina waktu, rek patemon rasa, teu boga tekad rama teh, ku sangaja niat rek midamel putra.

Geuning sidik jumeneng ku anjeun kitu, ngan ari urang mah, jeung kalawan kersana teh, Gusti Allah ngalantarankeun ka Rama.

Enya kitu sareatna mah ti Ibu, ari hakekatna, estu kersana Yang Manon, enya eta wenangna Allah ta’ala.

Wenang pisan Gusti anu Maha Agung, ngajadikeunnana, jeung wenang henteuna oge, tatapina maot mah geus wajib pisan.

Ceuk raina aduh-aduh bet sumuhun, karaos kacida, sadawuh-dawuh teh cocog, mana horeng kitu eta hartosna.

Mangga engkang Wahdaniat deui catur, margi kang rai mah, weleh bae can kahartos, jawab raka perkara Wahdaniat.

Eta kieu bilih rai tacan mafhum, ari Wahdaniat, sah Dzatna sah Sifatna teh, sah Asmana sarawuh dina Af’alna.

8
Layang Muslimin Muslimat

Kinanti

Sundana teh rai kitu, lamun teu acan mangarti, raina lajeng ngajawab, kahartos ku tuang rai, ari dina sundana mah, mung rarapna can kapikir.

Rakana lajeng ngawangsul, pasal Wahdaniat rai, tumerapna dinu opat, dina baham soca cepil, pangangseu anu kaopatna, merwincikna kieu rai.

Upami dina pangambung, dzatna teh pangngseu pasti, sahna teh moal rek cidra, mun ngangseu minyak nu seungit, tetep seungit diakuna, moal bet pahili deui.

Dua sah sifatna kitu, naon nu diangseu pasti, katilu jeung sah Asmana, boh bau boh ngaran seungit, moal sulaya ngarana, bau hangru pahang seungit.

Kaopat sah Af’alna kitu, sasat sah gawena deui, geuning pangangseu teh nyata, tara daekeun pahili, nu bau tetep bauna, lamun seungit tetep seungit.

Misah- misah bae tangtu, tah kitu sahna teh rai, sanajan munguh di soca, sah dzat teh awasna pasti, sah sifatna oge nyata, naon anu katingali.

Boh hideung beureum boh wungu, sakur sifat anu bukti, ari nu katiluna, sah asmana oge sidik, kumaha dina sifatna, bet tara sulaya deui.

Saterasna oge kitu, raina lajeng ngalahir, nuhun parantos kapaham, ayeuna lajengkeun deui, dina hal perkawis Qudrat, rai tacan mangarti.

Rakana jawab jeung imut, mangga diterangkeun deui dina hal perkawis qudrat, sumangga dangukeun deui, kieu pihartieunnana, mungguhing qudrat Yang Widi.

Qudrat teh kawasa kitu, tatapi kawasa Gusti, hanteu kalawan pakakas, hanteu jeung parabot deui, tah kitu hartina qudrat, raina ngawalon manis.

Walon raina sumuhun, tapi teu acan kaharti, kumaha pangawasana, pang teu jeung parabot deui, rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti.

Upami urang keur nuju, boga maksad hiji rupi, naon bae nu diseja, saperti rek nyieun bumi, samemeh prak dipilampah, tangtu ku urang dipikir.

Kumaha kahayang kalbu, rupana eta si bumi, boh panjangna boh pondokna, sumawon majuna deui, ka kaler boh ka wetanna, kamarna pon kitu deui.

Diatur-atur ku kalbu, dicipta-cipta ku ati, direrengga ku kahayang, sangkan sieup eta bumi, upami enggeus kacipta, kana pisaeeun eta bumi.

Lamun kitu tangtu luyu, da geus kacipta ku ati, geuning eta rai nyata, geus ngadeg dijero ati, kana pirupaeunnana, sae awon eta bumi.



9
Layang Muslimin Muslimat

Kumaha rai kaemut, raina lajeng ngalahir, duh engkang kaemut pisan, yaktos samemehna jadi, bumi mah enggeus kacipta, enggeus ngadeg dina ati.

Ceuk rakana atuh nuhun, ari parantos kaharti, tapi engkang rek nanya, ngadegna teh eta bumi, na kunaon parabotna, bol-bol geus jleg katingali.

Raina lajeng ngawangsul, teu make parabot deui, ceuk rakana itu diyah, ayeuna meureun kaharti, kitu kawasana Allah, raina gumujeng manis.

Bari imut lajeng nyaur, duh engkang panuju teuing, yakin eta katerangan, moal bisa dirobih deui, kumaha ari Iradat, muga diterangkeun deui.

Lajeng rakana deui nyaur, Iradat mah kieu rai, Allah teh sifatna kersa, kapan bukti anu tadi, eta bumi geus katinggal, nu ngadeg na jero ati.

Kantun ayeuna mah atuh, jadikeun kersa rai, rek midamel bumi tea, hakekatna mah geus jadi, ayeuna kantun sareat, buktikeun Iradat rai.

Tapi rai mah geus teu kudu, rek midamelna teh bumi, moal cara Gusti Allah, teu kalawan parabot deui, rai mah kudu sadia, nyadiakeun bahan bumi.

Tihang kenteng jeung pamikul, palang dada cemped bilik, usuk darurung jeung sarang, sumawon bedog ragaji, tatah baliung jeung rimbas, palu gegep sugu deui.

Raina lajeng ngawangsul, ayeuna rai ngaharti, moal poho salamina, jadi iman beurang peuting, kitu ngahartikeunnana, qudrat jeung iradat Gusti.

Mangga engkang deui terus, sifat Ilmu dadar deui, kapambeng can seep pisan, gantung dangu tuang rai, ulah alang kumapalang, sing seep sama sakali.

Ceuk rakana mangga atuh, sifat Ilmu urang wincik, ari Ilmu rai eta, ngahiji jeung Hayat pasti, ceuk raina naon sabab, Ilmu jeung Hayat ngahiji.

Saur raka sabab Ilmu, hartina Ilmu teh rai, nyaeta kanyaho tea, ari Hayat caang pasti, tah eta kitu sundana, numawi pasti ngahiji.

Sabab kanyaho teh tangtu, dina caang eta pasti, da moal aya katerang, lamun poek buta rajin, sabab ari kanyaho mah, dina caang bae sidik.

Dohir batin oge kitu, moal beda tangtu sami, dohirna lamun di dunya, kumaha bisa ninggali, lamun hanteu aya caang, piraku boga pamanggih.

Aya kanyaho teh tangtu, ku caang eta geus pasti, caang katinggal ku soca, soca ieu anu jirim, bagian kajasmanian, caang tina matahari.

Elmu batin oge kitu, sing sidik ‘ainal yakin, sing tepi kana caangna, caang ilmu sing kapanggih, tapi lain caang beurang, caang dina jero ati.

Katinggali na teh kudu nyata ku panon ati, dina keur waktu tarekat, mujasmedi ka Yang Widi, sidakep sinuku tunggal, nununggu sihing Yang Widi.

Saur rai nuhun engkang, rai dipaparin ngarti, bade diestukeun pisan, sakumaha saur tadi, lajengkeun deui ayeuna, kana Samma Basar deui.

10
Layang Muslimin Muslimat

Sumawonna Kalam kitu, rai hayang enggal harti, saur raka teu halangan, engkang rek nerangkeun deui, eta teh kieu hartina, nu kasebut Samma tadi.

Hartina Allah ngadangu, tapi teu kalawan cepil, Bassar teh Allah uninga, teu kalawan soca deui, Kalam Allah ngandikana, tapi teu kalawan biwir.

Ceuk raina abdi bingung, kumaha sangkan kaharti, kaharti jeung karasana, jen Allah lamun ninggali, hanteu kalawan ku soca, ngadanguna teu ku cepil.

Lajeng rakana ngawangsul, lamun rai hayang ngarti, udag anu tujuh basa, sifat dua puluh tadi, sahiji Qadiran tea, Muridan kadua deui.

Aliman anu katilu, nu kaopatna Hayan deui, kalimana teh Sami’an, Basiran ka genep deui, katujuh Mutakalliman, tah eta masing kaberik.

Kieu eta anu tujuh, hartina sahiji-hiji, mimitina teh Qadiran, hartina kawasa Gusti, Muridan Kersa Allah, Aliman uninga Gusti.

Hayan teh hartina hirup, nyaeta hirupna Gusti, Sami’an ngadangu Allah, Basiran Allah ninggali, katujuh Mutakalliman, Allah nu ngandika deui.

Sabab eta anu tujuh, aya nyatana di diri, aya dibadan sapata, mun kapanggih tangtu hasil, kabuka hijabna Allah, kabingung teh tangtos leungit.

Malah-malah rai lamun, kapanggih nu jutuh tadi, sifat-sifatna kapendak, dina sakujuring diri, tapi sanggeusna kapendak, tarekatna pek pilari.

Mun tarekatna kasusul, tanwande Ma’rifat jati, kana dzatna Gusti Allah, nu caang sajero ati, carek babasan jawa mah, teangan sajero dzikir.

Nu kaya dilah gumantung, kaya sarangenge bijil, gumantung tanpa cantelan, kitu ceuk babasan jawi, tatapi lamun kapendak, jasmani tangtuna sepi.

Rasa moal boga wujud, kagenten ku warna rupi, nyaeta nu tadi tea, nu kaya sarangenge bijil, kaya lintang karahinan, jeung kaya emas sinangling.

Rai lamun enggeus kitu, kakara tangtu mangarti, kana Nafi sareng Isbat, karasa sareng kapikir, lamun teu acan kapendak, kumaha bisana harti.

Malah dalil Antal Mautu, Qoblal Mautu kapanggih, hartina bisa ngarasa, paeh samemeh mati, raina lajeng ngajawab, rada keder pikir rai.

Aya paeh memeh pupus, naonnana anu mati, lamun nyawana anu wafat, atuh moal balik deui, gumelar deui ka dunya, rai weleh teu ngarti.

Ceuk raka kade kaliru, sanes nyawana anu mati, sategesna rasa nyawa, nu paeh sama sakali, ari rasa nyawa eta, sategesna nafsu dohir.

Dina waktu eukeur kitu, teu inget ka anak rabi, sumawon ka harta banda, diri ge teu kapieling, wungkul cengeng ka dzat Allah, ninggal ku sajero ati.

Kitu lamun teu mafhum, eta anu saperkawis, nu kadua perkawisna, kudu ngersakeun misti, dina nyerina sakarat, jalan paeh ke diakhir.

11
Layang Muslimin Muslimat

Geuning ceuk basa karuhun, ka anakna ngaweweling, he barudak kudu bisa, nganjang ka pageto misti, supaya maneh waluya, sangkan lampah ati-ati.

Geura pek ku rai emut, eta saur sepuh tadi, nu bener kabina-bina, geuning ayeuna kapanggih, bet aya dina hadisna, babandingan basa tadi.

Nyaeta Antal Mautu, jeung Qoblal Mautu deui, kapan teu beda maksudna, kudu paeh memeh mati, sihoreng sangkan baroga, kasieun engke di ahir.

Lamun geus ngarasa pupus, sasat geus ngarasa nyeri, ngarasa rasa sakarat, piraku rek liwar teuing, ngajujur laku ma’siat, da aya kasieun pasti.

Jeung nambahan kana suhud, milampah parentah Nabi, rukun Islam anu lima, tah kitu jadina rai, Nagara ge tangtu aman, sabab geus boga pamilih.

Mun geus junun ka Yang Agung, laku dohir ge dipilih, moal sagala disorang, memeh prak tangtu dipikir, tangtu dianjangan heula, dicipta-cipta ku ati.

Ibaratna karep nafsu, niat hayang maling duit, barang-barang upamana, lamun urang inget tadi, kana saur sepuh tea, yen kudu inget di ahir.

Nganjang kapageto kudu, tangtu ku urang dipilih, naha kumaha jadina, lamun nurut nafsu tadi, maling banda anu lian, salametna jeung balai.

Raina lajeng ngawangsul, leres kahartos ku rai, bener lamun geus kitu mah, nafsu goreng teh kajaring, sasat geus aya pagerna, nu kuat kaliwat saking.

Ayeuna aya pihatur, rek malikan anu tadi, sifat dua puluh tea, saur engkang tadi geuning, dibagi deui ku opat, ku rai tacan kaharti.

Ceuk rakana bener kitu, dibagi ku opat deui, hiji ngarana Nafsiah, kadua Salbiah deui, katilu Ma’ani tea, opat Ma’nawiyah deui.

Saur rai geus kamafhum, ngarana nu opat tadi, malah jeung barang-barangna, ku rai geus kaharti, Nafsiah nyaeta nafas, sifatna irung nu bukti.

Salbiah paninggal kitu, sifatna soca nu bukti, Ma’ani pangdangu tea, sifatna nyaeta cepil, Ma’nawiyah teh pangucap, sifatna baham geus pasti.

Mung naroskeun teh kulanun, eta nu opat tadi, sabaraha bagiannana, naha beda naha sami, bagian hiji-hijina, tadi rai hilap deui.

NERANGKEUN SIFAT DUA PULUH DIBAGI 4 SARENG DITERANGKEUN

DINA BARANG-BARANGNA ANU NYATA

Sinom



12
Layang Muslimin Muslimat

Rakana lajeng ngajawab, kieu rai mun can harti, bagian hiji-hijina, tangtu beda hanteu sami, Nafsiah mah ngan sahiji, bagiannana teh kitu, ari bagian Salbiah, lima teu salah deui, Ma’ani mah tujuh nya bagiannana.

Ma’nawiyah anu kaopat, bagiannana geus pasti, tujuh eta hanteu salah, raina lajeng ngalahir, leres parantos kaharti, mung naon sababna kitu, mana bet teu sarua, mugi rai parin harti, ceuk rakana kieu ari sababna mah.

Nurutkeun kuma buktina, barangna sahiji-hiji, tangtu bae teu sarua, da sifatna ge teu sami, baham soca jeung cepil, pangambung ge pon nyakitu, malah pagaweannana, geuning bukti hanteu sami, soca cepil baham angseu beda-beda.

Saur rai nuhun engkang, ayeuna rai mangarti, dina hal beda-bedana, anu mawi hanteu sami, jeung dina damelna deui, kahartos pisan kulanun, mung aya kapanasaran, bagiannana nu tadi, saur engkang bagiannana

Nafsiah.

Sahiji bagiannana, Salbiah lima geus pasti, Ma’ani tujuh teu lepat, Ma’nawiyah tujuh deui, tah eta nyuhunkeun bukti, barangna hayang kamafhum, dina baham dina soca, dina pangambung jeung cepil, enggeus tangtu kanyataannana beda.

Ulah ngan tuduh apungan, kang rai mah hayang sidik, ulah kabar ulah beja, nyuhunkeun nu sidik bukti, supaya ulah taklid, ngan ngandel ka beja wungkul, rakana lajeng ngajawab, ngagelenyu imut manis, edas bae rai mah katalanjuran.

Naha nganggo teterasan, sakitu ge cekap rai, montong bet sareng buktina, raina unjukan deui, lamun kitu mah taklid, upami kitu mah wadul, sabab moal jadi iman, ngaji Asma bae badis, kang rai mah hayang nyata jeung buktina.

Sabab seueur nu miwulang, ka rai parantos sering, ngupingkeun nu ngawurukan, nyaurkeun dina bab ngilmi, caritana beres luis, dalil Qur’an Hadis kitu, dupi pek dipataroskeun mah, ngaraoskeunnana dalil, jeung dipenta mana pibarangeunnana.

Sok buntu hanteu ngajawab, rajeun oge mere harti dijawab deui ku basa, dalil dijawab ku dalil, sanes dijawab ku bukti, atuh ati teh nalapung, teu kaharti teu karasa, ngan apal asmana badis, ngaji omong atuh mo aya tungtungna.

Jawab raka atuh mangga, rek dibuktikeun sing sidik, dina perkawis Nafsiah, bagiannana ngan hiji, geuning sifatna ge hiji, nyatana eta pangambung, irung rai hanteu dua, kitu nyatana kang rai, anu mawi ngan hiji bagiannana.

Ceuk raina leres nyata, paingan Nafsiah hiji, dina hal bagiannana, ayeuna mah rai ngarti, ayeuna sumangga deui, Salbiah ku engkang catur, kumaha eta barangna, nu mawi lima di pasti, naon tea nyatana dina barangna.

13
Layang Muslimin Muslimat

Ngawalon deui rakana, perkawis Salbiah rai, kapan eta dina soca, aya lima perkawis, barangna nu bukti, bae geura urang itung, hiji bobodasna soca, dua hihideungna deui, nomer tilu kokonengna tina soca.

Kaopatna anu nyata, beubeureumna soca rai, ari anu kalimana, heherangna panon sidik, tah rai geuning bukti, lima barang jadi gulung, kawasana Gusti Allah, dina saban-saban jinis, tangtu pisan aya bae rasiahna.

Raina lajeng ngajawab, mun kitu mah kaharti, karasa aya barangna, ayeuna lajengkeun deui, terangkeun hal Ma’ani, nu kasebat nomer tilu, eta naon barangna, anu nyata dina cepil, anu mawi bet jadi tujuh bagiannana.

Ceuk rakana mun can terang, eta dina cepil rai, naha tara pangangguran, milang lelegokna cepil, kapan eta sidik lelegokna cepil tujuh, katujuh jeung liangna, pang moal aya mubadir, pang lalegok tangtu aya sababna.

Olohok Raden Muslimat, mata simeuteun ninggali, ka rakana lami pisan, wekasan gumujeng manis, bari teras ngalahir, duh engkang sarebu nuhun, rai kakara mendakan, anu nyaurkeun bab Ilmi, kasauran dibuktikeun jeung barangna.

Ayeuna mah ulang kapalang, lajengkeun sahiji deui, anu ngaran Ma’nawiyah, naon barangna nu bukti, numawi tujuh dipasti, bagiannana teh kitu, supaya gulung pisan, sifat dua puluh tadi, ngagulungna kanu opat sing karasa.

Rakana deui ngajawab, Ma’nawiyah eta rai, numawi bagiannana tujuh hanteu salah deui, geus tangtu aya bukti, moal catur hanteu puguh, geus tangtu aya barangna, geura rek didadar deui, anu tujuh disajero

Ma’nawiyah.

Kahijina anu nyata, nyaeta ngaranna biwir, biwir rai nu ti handap, kaduana deui biwir, eta anu katinggali, nyatana biwir anu luhur, gugusi anu katiluna, nu tiluhur tea bukti, kaopatna gugusi beulah ti handap.

Ari anu kalimana, nyaeta ngaran lalangit, lalangit anu ti handap, kagenep deui lalangit, geuning eta sidik bukti, lalangit belah ti luhur, ari anu katujuhna, ditengah letah sahiji.

Gumujeng Raden Muslimat, cisocana munggah bijil, rambay bakating ku ngeunah, aduh-aduh engkang sidik, sifat dua puluh bukti, kanu opat geus ngagulung, tembong aya barangna, enggeus sidik katingali, namung waos naha bet hanteu kabilang.

Kapan aya jeung buktina, sidik pisan katinggali, eta dina jero baham, bet kaliwat hiji deui, naha engkang teh lali, aya hiji nu kalarung, naha engkang bet diliwat, rai mah mun kitu, moal nampi dina eta Ma’nawiyah.

Rakana ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, bari nyaur ka raina, duh rai karunya teuing, naha bodo-bodo teuing, bet manah make kaliru, kapan eta huntu mah, datangna oge pandeuri, sanggeus urang kaasupan aci dunya.

14
Layang Muslimin Muslimat

Ari balik pangheulana, kitu moal salah deui, raina mani ngarenjag, bakating ku raos isin, ngadebat rasa rek hasil, kari-kari ngabulucun, tungkul ngahuleng teu jawab, arek jawab deui ajrih, jadi teu pok kabujeng karasa pisan.

Wekasan neda hampura, mugi ulah bendu galih, sanes maksad rek ngadebat, mung kaliru pikir rai bakating handeueul ati, lamun aya nu kantun, jadi moal cios ni’mat, sifat dua puluh leuwih, ayeuna mah nuhun parantos lugina.

Rai saumur nembean, ngupingkeun carios Ilmi, saur teh sareng buktina, kanyataan dina diri, moal burung tereh harti, da sanes ku saur wungkul, samangsa aya barangna, tangtu karasa kaharti, ngaji diri ieu teh sayaktosna.

Paingan aya dalilna, Iqro kitabaka dalil, kafa binafsika tea, Alyauma ‘alaika deui, Hasiba unina dalil, sundana anu kamasyhur, yen wajib pisan manusa ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta ngaji saadeging badan.

Ulah ngaji luar badan, matak ngajauhkeun Gusti, teu ngarasa babarengan, siang wengi ngangliputi, rakana lajeng ngalahir, bener rai eta kitu, sanggeusna maca daluang, terus ngaji luang deui, nyaeta rasakeun daluang tea.

Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog jeung sareatna, hakekatna mah geus pasti, aya didiri pribadi, nu matak kudu diemut, kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati.

Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat deui, teu beunang dipisah-pisah, kudu gulung jadi hiji, boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu, kudu gulung anu opat, sabab manusa ge geuning, sampurna bisa gumelar di dunya.

Taya lain ngan ku opat, pangucap pangangseu deui, katiluna ku paninggal, kaopat pangdangu pasti, jadi lamun kurang hiji, teu sampurna urang hirup, komo lamun kurang dua, pinasti moal katepi, sumawonna kurang tilu nyucud pisan.

Raina lajeng unjukan, duh engkang karaos teuing, sadaya piwejang engkang, estu nyerep kana ati, sumarambah kana bayah, geus sumurup kana kalbu, namung rai ayeuna, ka engkang rek naros deui, eta sifat dua puluh saterasna.

Manawi aya kebatna, salangkungna tinu tadi, nu geus dipisaur, rakana lajeng ngalahir, masih teras eta sifat rai, pasal sifat dua puluh, lajengna jadi aksara, sabab aksara ge pasti, meunang nyutat tina adeging manusa.

Ngawalon deui raina, kumaha engkang nu mawi, didamel deui aksara, sifat dua puluh tadi, keur dameleun naon deui, rakana lajeng ngawangsul, pikeun ngaunikeun Qur’an, wetna Agama sabumi, jalan jalma ibadah ka Gusti Allah.

Jeung pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa didohir, hirupna bisa waluya, repeh rapih jeung sasami, anu mawi aya Agami, bakat

15
Layang Muslimin Muslimat

asihna Yang Agung, ngamulyakeun ka manusa, ti dunya nepi ka batin, diunggulkeun tina sasama mahlukna.

Ngajawab deui raina, yaktos kahartos ku rai, pimaksudeunnana aksara, tapi naha eta mahi, ku aksara anu tadi, ku hurup nu dua puluh, pikeun ngaunikeun Qur’an, rakana lajeng ngalahir, tangtu bae cukup moal enya kurang.

Malah-malah tujuh welas, hakekatna mah kang rai, ku sakitu oge cekap, raina ngajawab deui, ku rai tacan kaharti, hurup Qur’an ngan sakitu, kapan sadaya ge terang, tilu puluh hurup pasti, ceuk rakana eta mah rangkepannana.

Bibitna mah moal salah, dua puluh bae pasti, kumargi lantarannana, sifat dua puluh tadi, sifatna Gusti Yang Widi, teu kurang sumawon langkung, moal enya ngaleuwihan, ti sifatna maha suci, seueur soteh eta mah rangkepannana.

Ngawalon deui raina, ku rai tacan kaharti, huruf Qur’an tujuh welas, beuki kurang wae geuning, kamana sawareh deui, da moal leungit teu puguh, tangtu aya sumurupna, muga diterangkeun deui, ulah pambeng engkang ka rai miwejang.

Ceuk rakana mun can terang, katerangannana rai, nu mawi ku tujuh welas, cukup teu kurang teu leuwih, tapi hakekatna rai, hakekatna eta huruf, sareatna mah teu salah, aya tilu puluh bukti, sabab kieu rai kateranganna.

Geuning dina sembahiyang, dina sapoe sapeuting, ngan tujuh welas raka’at, hanteu kurang hanteu leuwih, malah rukunna ge rai, tujuh welas eta puguh, tah geuning dina ibadah, ku tujuh welas ge mahi, tarekatna nyusul anu tilu sifat.

Ceuk raina naon tea, nu tilu teh can kaharti, nu disusul ku tarekat, ku tujuh welas raka’ati, ceuk rakana taya deui, ku sadaya nu disusul, hiji Dzatna Gusti Allah, kadua Sifatna deui, nu katilu, Asmana Allah ta’ala.

Asmana nu hiji tea, nu mahi ka tujuh bumi, tujuh langit sadayana, tah eta anu diberik, nu mawi Qur’an ge rai, hurupna teh ngan sakitu, hakekatna tujuh welas, nyaeta nyusul nu tadi, Dzat, Sifatna Asmana Allah ta’ala.

Kanyataan aksarana, anu tilu teh kang rai, nu teu aya dina Qur’an, aksara Ca nu kahiji, dua aksara Nya deui, aksara Nga nu katilu, tah eta anu teu aya, dina Qur’an teu ditulis, da hakekat dzat sifat asmana Allah.

Atawa Allah Muhammad, katiluna Adam deui, tah eta nu diteangan, diberikna kunu tadi, ku tarekatna Agami, nyaeta dina waktu, waktu anu lima tea, dina sapoe sapeuting, kapan raka’atna eta tujuh welas.

Saur rai geus kapaham, pasal tarekat agami, bener dina waktu lima, dina sadinten sawengi, tujuh welas raka’ati, hanteu kurang hanteu punjul, tapi naha kang rai mah, weleh bae teu kapanggih, dzat sifat asmana Allah ta’ala.

16
Layang Muslimin Muslimat

Akbarna hanteu kapendak, tur ibadah ti leuleutik, teu ninggalkeun waktu lima, rai bingun liwat saking, najan dicipta ku ati, weleh bae teu kaemut, anggur hate ambariang, cus cos ka sagala rupi, aduh engkang kumaha atuh petana.

Sangkan sampurna ibadah, ulah gawe tanpa hasil, rakana lajeng ngajawab, puguh wae atuh rai, sabab aya dina Hadist, mun amal teu reujeung ilmu, batal teu jadi amalna, bukti rai oge gening, bet teu raos karaosna, ku salira.

Da make bingung sagala, pertandana hanteu, jadi hanteu beresih nya manah, jadi mang-mang ati rai, ayeuna mung hayang bersih, ibadah ka Maha Agung, hempek geura teangan, tarekat na Ilmu Wali, mun ka pendak geus tangtu bisa ma’ripat.

Buktikeun hurup aksara, anu tujuh welas tadi, teangan dina salira, jalan tarekatna Ilmi, pikeun nyusul anu tadi, Dzat Sipat Asma Yang Agung, tanwande bisa kapendak, katinggal ku rasa jati, mimitina teangan nu tujuh welas.

Da moal enya bet beda, jeung tarekatna Agami, pada-pada tujuh welas, ngan aya beda saeutik, dina migawena rai, ari ku tarekat ilmu, nu tujuh welas aksara, bareng dipakena rai, sawaktuna tujuh welas-tujuh welas.

Nu mawi bisa ma’ripat, kana jatining Agami, tah kitu rai sababna, pang kudu ma’ripat jati, sangkan urang keur di dohir, sampurna ibadah kitu, ngalakonan rukun Islam, parentahna Kangjeng Nabi, alus pisan daek amal jeung elmuna.

Raina lajeung unjukan, nuhun ku rai kaharti, ayeuna kantun neangan, neangan tarekat ilmi, tapi moal tebih teuing, kawas-kawasna kulanun, ceuk babasan tea mah, tamiang meulit ka bitis, nya kang raka anu bade di guruan.

Rakana mesem sakedap, lajeng raina ngalahir, rai aya keneh bingbang, pasal dina hurup tadi, anu tilu tacan harti, huruf Ca Nya jeung Nga kitu, nu teu aya dina Qur’an, naha engkang naon margi, pang teu aya ku rai can kalenyepan.

Rakana enggal ngajawab, atuh da eta mah bibit, bibitna sagala rupa, nu langgeng teu owah gingsir, dzat sipat asmana gusti, Allah jeung Muhammad Rasul, Adam anu katiluna, bibit Nabi bibit Wali, ceuk raina kumaha sabab-sababna.

Rakana deui ngajawab, kieu rai mun can harti geura eta teh aksara, anu tilu tea tadi, Ca nya jeung huruf Nga deui, cecekna paek geura itung, aya sabaraha jumlahna, ceuk rai salapan pasti, tilu-tilu dina sahiji aksara.

Tah eta saur rakana, hakekatna para Wali, sareatna geuning aya, di Cirebon geus bukti, Wali salapan kawarti, Wali tunggal kasapuluh, raina lajeng ngarenjag, percanten kaliwat saking, hakekat teh geus tangtu aya sare’at.

17
Layang Muslimin Muslimat

Tapi bieu mah hakekat, nyandak tina huruf tulis, kumaha ari hakekatna, Wali di diri pribadi, da kapan kudu ngajinis, ngaji saadeging wujud, naha aya nyatana, hakekatna para Wali, dina ieu saadeging wujud urang.

Ceuk rakana nya kantenan, aya mah teu salah deui, pek bilang cecekna badan, aya sabaraha hiji, hartina liangna diri, raina mani ngaranjug, margina teh nyata pisan, liang-liang di jasmani, nu dilihur tujuh jeung dua dihandap.

Kasapuluh Wali tunggal, tunggalna wujud pribadi, ceuk rakana nuhun pisan rai gancang mangarti, raina ngajawab deui, berkah tapi rada bingung, lantaran ceuk carita, ma’nana Wali teh pasti, hartina teh pangurusna hal agama.

Wawakilna rasulullah, eta kitu nu wawarti, rakana lajeng ngajawab, atuh bener bae rai, kitu ma’nana Wali, nyatana eta pangurus, naha rai teu rumasa, diurus beurang jeung peuting, kapan sidik nu ngurus salapan liang.

Geuning lamun hayang dahar, diurus ku baham pasti, kitu deui hayang ninggal, diurus ku panon bukti, hayang ngangseu kitu deui, tangtu diurus ku irung, hayang ngadenge ge nyata, diurus ku cepil rai, kiih ngising diurus ku liang handap.

Tadi rai sasauran, Wali teh wawakil Gusti, wawakilna Rasulullah, eta oge bener deui, naha eta liang tadi, lain wawakilna Rasul, teh nyaeta rasa, rasa mah kapan gaib, nu bukti mah panon cepil irung baham.

Raiana emprak jeung senggak, bari nyaur nuhun teuing kaharti, lamun kitu mah, leres teu tebih ti diri, ku bawaning nya ngahiji, sagala rupa teh kumpul, arasup ka wujud urang, kana saadeging diri, hanteu ingkah hanteu ical ti salira.

Anamung rai ayeuna, ka raka rek naros deui, manawi teu jadi lepat, aya nu tacan harti, mugi ulah bendu galih, ceuk rakana rebu nuhun, naon oge pamariksa, anu ku engkang kaharti, moal luput ku engkang tangtu didadar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar