Selasa, 22 Maret 2016

Ngemutan Diri

Bismilahirrohmanirrohim
Dina dinten ieu urang masih di paparinan yuswa, di paparinan mangrupi rupi kanikmatan nu teu aya hinggana, sagalarupi puji gening kagungan nana anu pamohalann urang kedah ngalalangkungan Na.
Dina mang rupi usik sareng malikna urang tong hilap ka pupuhuna Nabi sareng Rosul Kang Jeng Nabi Muhammad, SAW, anu mana mantena bakal maparinan safaat ka urang sadayana engke di jamanna urang meryogikeun pitulung ti anjeuna.
Pepeling sanes kanggo nu sanes, tapi keur sorangan, sugan ka ungkit ku bukti ka guar ku rasa anu aya dina sajeroning rasa.
Anu kahiji dina hal diri urang, pasti urang sorangan anu bakal ngahisab jeung tangtos terang kana sagala rupi naon anu parantos di pilampah ku urang sadayana salami urang dumelah dugi ka kiwari, anu sae anu awon, anu karaos sareng anu teu karoas, sadayana oge urang anu uninga sareng Alloh anu nyakseni.
Hayu urang sing sadar saha urang jeung saha saestuna sesembahan urang.
Seueur nu nyebat teu aya deui Pangeran anu sanes anu di sembah ka jaba Alloh, tapi pikeun nalungtik diri tong jauh teuing heula urang milari tapi urang tapakuran heula diri.
Baheula samemeh urang dumelah ka alam dunya saha nu ngandung jeung saha nu ngayuga urang anu pasti Indung jeung Bapak urang,
Manahan kusadaya ari Istriteh dibeuli ku Syahadat, Rek nampa rasana madat, Supaya jadi Syahadat.
Haram kasebutna lamun hanteu nikah, Anakna sok jadi haram jadah, Urang sing suhud ibadah, Ibadah ka Gusti Allah.
Sing suhud urang di dunya, Neangan elmu nu enya, Supaya bisa sampurna, Pigeusaneun dina pupusna.
Mun urang ngarasa lolong di dunya, pasti Lolong oge jaga di Akheratna, Pangeran awas ka urang, Urang sing ninggal Pangeran.
Gusti Allah mah wajib ayana, Euweuhna dina ayana, Geura tareangan jentulna, Engke bakal ka harti sadayana.
Sembahiyang kudu khusu, Mudu tutup sakabeh nafsu, Nafsu opat ulah metu, Lain Shalat nangtung kitu.
Allahu akbar kudu ta’yin, kudu sidik ka alam batin, Lain beurang lain peuting,
Tapi pilari warna beureum jeung koneng, dimana urang teu rumasa aya  pek nyarita
Geus euweuh wujud kaula, Didinya naon nu aya,
Lain akbar mata kapala, Akbar anu sajatina.
Kaula geus hanteu aya, Ganti Pangeran nu aya, Nyebut aya teu ngarasa, Manahan ku ahli rasa.

Silokana sing kapanggih, Kunci Muhammad nu bukti, Rasiahna Maha Suci, Teangan tarekat jati.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar